Kalimah Paribasa

Kalimah Paribasa nyaéta babandingan anu jadi perlambang lakuning hirup, ngawangun omongan (runtuyan kalimah) anu geus puguh eunteup seureuhna (sistematika), geus puguh surupanana, geus tangtu pok-pokanna.
(Kalimat Pariabasa yaitu perbandingan yang jadi lambang perlakuan hidup, ngebangun pembicaraan (susunan kalimat) yang sudah pasti tetap aturannya (sistematika), sudah pasti semisalnya, sudah tentu pokokannya.)

Ciri – ciri paribasa:
a. Paribasa sifatna ngabandingkeun, ngupamakeun, jeung mapandékeun.
(Paribasa sifatnya membandingkan, mengumpamakan, dan sebanding)
b. Paribasa téh omongan anu hartina lain harti sajalantrahna.
(Paribasa itu pembicaraan yang artinya lain arti keseluruhan)
c. Paribasa mangrupa kalimah anu teleb sarta anteb kana haté nu diajak nyarita.
(Paribasa serupa kalimat yang berhubungan serta kena hati yang dibawa cerita.)
d. Paribasa henteu bisa dirobah, dikurangan, dileuwihan, sarta dilemeskeun kekecapanana, sabab geus mangrupa wangun basa anu geus matok (pakeman).
(Paribasa tidak bisa berubah, dikurangi, dilebihkanm serta dihaluskan kekalimatannya, sebab sudah berupa bangun bahasa yang sudah baku (pakeman).)

Ditilik tina maksud anu dikandungna, paribasa téh bisa dipasing – pasing jadi tilu golongan nyaéta
(Dilihat dari maksud yang dikandung, paribasa itu bisa pisah-pisah menjadi tiga golongan yaitu:)
a. Paribasa wawaran luang
Eusina ngébréhkeun pangalaman anu geus lumrah di masyarakat, sarta mangrupa bahan babandingan pikeun laku lampah urang.
(Isinya menggambarkan pengalaman yang sudah terbiasa di masyarakat, serta serupa bahan perbandingan untuk menjelaskan seseorang)

Contohna :
1) Uyah mah tara téés kaluhur
hartina, tabiat/sifat nu jadi anak tara jauh béda jeung tabiat/sifat kolotna.
(artinya, tabiat/sifat yang jadi anak tidak jauh beda dengan tabiat/sifat orangtuanya.)

2) Uncal tara ridueun ku tanduk
hartina, boga élmu pangaweruh mah moal hésé mamawa.
(artinya, punya ilmu pengaruh itu tidak susah membawanya.)

3) Wiwirang dikolongcatang nya gedv nya panjang
hartina, ngalaman hiji kajadian anu matak pikaéraeun.
(artinya, mengalami satu kejadian yang memalukan.)

4) Buruk – buruk papan jati
hartina, sagoréng – goréngna dulur sorangan, moal téga nganteupkeun mun aya karerepet atawa menang papait.
(artinya, sejelek-jeleknya saudara sendiri, tidak tega membiarkan kalau ada kesulitan atau mendapat pahit.)

5) Hadé ku omong goréng ku omong
hartina dina nyanghareupan masalah, rék hadé rék goréng, kudu dibadamikeun.
(artinya, di berhadapan masalah, mau baik mau buruk, harus dihadapi.)

6) Umur gagadihan, banda sasampiran
hartina, umur jeung harta banda hakékatna milik AllahSubhanahu wata’ala.
(artinya, umur dan harta benda hakikatnya milih Allah Subhanahu wata’ala.)

7) Ungguh baléwatangan
hartina, di bawa ka pangadilan
(artinya, dibawa ke pengadilan)

8) Buburuh nyatu diupah béas
hartina, meunang dua kauntungan sakaligus, saperti nu sakola meunang béa siswa.
(artinya, mendapat dua keuntungan sekaligus, seperti yang sekolah mendapat beasiswa.)

9) Anu burung diangklungan, anu gélo didogdogan, anu édan dikendangan
hartina, anu gedebul dihaminan, ngarah tambah maceuh.
(artinya, yang buruk diamini, agar menambah berlebihan.)

10) Ari umur tunggang gunung, angen-angen pecat sawed
hartina, najan umur geus kolot, kahayang kawas nu ngora.
(artinya, biar umur sudah tua, kemauan seperti yang muda.)

11) Bihari ngalingling pasir, ayeuna ngalanglang pasar
hartina, jaman geus robah, jalma ogé loba nu ganti pacabakan, atawa robah-robah tingkah lakuna.
(artinya, zaman sudah berubah, orang juga banyak yang mengganti pegangan, atau ubah-ubah tingkah lakunya.)

12) Cécéndét mandé kiara, cileuncang (cileungcang) mandé sagara
hartina, nu miskin hayang nyaruaan nu beunghar.
(artinya, yang miskin ingin menyerupai yang kaya.)

Baca juga: Pakeman Basa

b. Paribasa panyaram lampah salah
Eusina panyaram sangkan ulah migawé pagaeyan anu matak rugi, boh keur diri sorangan boh keur batur.
(Isinya pelarangan biar tidak menjadi pekerjaan yang bisa merugikan, buat diri sendiri buat orang lain.)

Contohna :
1) Ulah unggut kalinduan, ulah gedag kaanginan
hartina, ulah sieun, kudu gedé kawani.
(artinya, jangan takut, harus besar keberanian.)

2) Ulah koméok saméméh dipacok
hartina, ulah waka ngomong teu sanggup/teu bisa saméméh dicoba.
(artinya, jangan dulu bicara tidak sanggup/tidak bisa sebelum dicoba.)

3) Ulah incah balilahan
hartina, ulah rék ninggalkeun tapi kudu tetep satia.
(artinya, jangan suka meninggalkan tapi harus tetap setia.)

4) Ulah nyeungceurikan upih ragrag
hartina, ulah popoyok ka jalma nu geus kolot, sabab urang gé bakal ngalaman.
(artinya, jangan mengatai ke orang yang sudah tua, sebab kita juga akan mengalaminya.)

5) Ulah cara ka kembang malati kudu cara ka picung
hartina, ulah babari bosenan, tapi kudu satia salilana.
(artinya, jangan sampai bosan, tapi harus setia selamanya.)

6) Cul dog tinggal igel
hartina, ninggalkeun gawé baku, terus milampah pagawéan nu taya hartina.
(artinya, meninggalkan pekerjaan pokok, terus menyambangi pekerjaan yang tidak ada artinya.)

7) Mareubutkeun balung tanpa eusi
hartina, marebutkeun perkara anu papada can jelas.
(artinya, memperebutkan perkara yang belum jelas.)

8) Pagiri – giri calik pagirang – girang tampian
hartina, teu sauyunan, papada hayang menang sorangan, papada hayang leuwih.
(artinya, tidak memiliki kebersamaan, pada ingin menang sendiri, pada ingin lebih.)

c. Paribasa pangjurung laku hadé
Eusina pikeun pangjurung milampah pagawéan anu hadé.
(Isinya guna sifat berperilaku kerjaan yang baik.)

1) Carincing pageuh kancing, saringset pageuh iket
hartina, laki-laki ngajaga kaamanan, mageuhan tulak jeung sajabana, bisi aya bancang pakéwuh.
(artinya, laki-laki menjaga keamanan, menguatkan penutup dan yang lainnya, kalau ada keributa.)

2) Kudu bisa ngeureut neundeun/pakéan
hartina, kudu bisa nagjeujeuhkeun rejeki, kudu sina mahi.
(artinya, harus bisa mensyukuri rezeki, harus bisa cukup.)

3) Kudu boga pikir rangkeupan
hartina, ulah sabrongbrong, kudu aya rasa curiga.
(artinya, jangan merasa cuek, harus ada rasa curiga.)

4) Kudu hadé gogod hadé tagog
hartina, hadé basa jeung hadé tingkah lakuna.
(artinya, bagus bahasa dan bagus tingkah lakunya.)

5) Kudu nepi méméh indit
hartina, kudu direncanakan kalawan asak.
(artinya, harus direncanakan secara matang.)

6) Kudu bisa kabula kabalé
hartina, kudu bisa mawa awak.
(artinya, harus bisa membawa badan.)

7) Bibilintik ti leuleutik babanda ti bubudak, geus gedé ngan kari maké
hartina, kudu gemi jeung daék babanda ti leuleutik ngarah dimana geus kolot teu loba kakurang.
(artinya, harus mau hemat dan mau berharta dari kecil supaya dimana sudah tua tidak banyak kekurangan.)

8) Élmu tungtut dunya siar, sukan – sukan sakadarna
hartina, téangan élmu jeung harta banda keur pibeukeuleun, sarta kudu hirup basajan.
(artinya, mencari ilmu dan harta benda untuk perbekalan, serta harus hidup sekedarnya.)

Referensi:

Wiwin Widianingsih, Pakeman Basa, 2015, gaduhurangsunda.blogspot.com

You may also like...