Angkot vs Ojeg

Dina hiji poe aya angkot jeung ojeg silih siap, eta angkot jeung ojeg teh duananan katingali dek pada napsu hayang saling nyusul. Neupi ka hiji pengkolan duanana eureun bareung sakaligus. Sopir angkot kaluar tina mobilna, bari langsung sosorongot ka tukang ojeg,

Sopir: “Ari maneh, kunaon ngudag-ngudag kuring?”
Ojeg: “Lainna maneh anu ngudag-ngudag kuring?”
Sopir: “Jih, kuring mah lumpat kusabab diudag ku pulisi”
Ojeg: “Eh geuning kitu, sarua kuring oge diudag ku pulisi”

You may also like...